Covid-19 hubunganna jeung cara ngajar basa sunda tema metakeun drama
Covid-19 hubunganna jeung cara ngajar basa sunda tema metakeun drama basa sunda di SMPN 3 Cipunagara
Ayana wabah covid-19, kabeh budak sakola ti mimiti PAUD, TK, SD, SMP, SMA sederajat titah diajar di imah ngagunakeun cara darring. Hal ieu perlu dilakukeun supaya covid-19 teu nular kanu sejen. Wayahna boh nu dikota boh nu di desa kudu bisa jeung daek diajar kucara daring. Kumaha carana sangkan barudak sakola bisa ngagunakeun teknologi.
Dina pangajaran basa sunda kelas salapan khususna bab ka genep nyaeta metakeun drama. Sigana hese oge nya ngajarkeun kabarudakna, upami urang diajar kudu jarak jauh atanapi online. Kuayana wabah korona, kapaksa barudak sakola kudu dialajar di imah. Tapi, sanajan jarak jauh ayeuna mah tos seueur aplikasi internet jeung sajabana nu bisa digunakeun sangkan babari di ajar jarak jauh.
Ari sim kuring kusabab ngajar basa sunda, salian ti IPS sareng Seni Budaya, antukna sim kuring salaku guruna mere tugas ka siswa pikeun metakeun hiji drama singkat anu didokumentasikeun lewat video. Video drama singkat basa sunda anu tos beres dijieun kedah dikirimkeun ka email guruna, nya ka email sim kuring.
Teu sadayana siswa mampu ngadokumentasikeun dramana dina video, ku katerbatasan hp jeung sajabana nya aya wae nu teu ngumpulkeun videona. Yakin barudak ayeuna mah bisa diajar naon wae oge, sabab kiwari mah geus loba pisan sumber-sumber pikeun bahan pelajaran. Teu usah di titah budak nu sumanget diajarna mah sok mukaan youtoube kumaha carana metakeun drama ku basa sunda.
Kadang budak ayeuna maj sok leuwih pinter alabatan guruna. Gununa mah can pernah ngefit ngedit video, muridna mah geus loba nu bisa nyieun video bari dieditan jadi alus.
Cobi tingali hasil tugas budak nu diajar metakeun drama singkat ku basa sunda hasil diajar sorangan di imah, apan kedah stay at home tea.
Diantarana diluhur aya hiji video drama singkat basa sunda minangkana hasil siswa nu paratos ngaarengsekeun tugasna. alus lah sakieu mah, dibandingkeun nu can anggeus tugasna mah, komo nu teu acan ngadamel mah, hehe
Cobi klik di https://youtu.be/Ywf9NIJR2sw
Mung sakitu nukapihatur, hapunten tina sagala kalepatan.
salam wanoh kasadayana
Unih

Comments
Post a Comment
Berikan komentar yang sopan dan santun, teruma kasih.